Tuesday, October 22, 2013

Video Ceramah KH Jujun Junaedi : Umat Islam Kudu Tegas & Keras Ngalaksanakeun Ajaran Agama, Lain Kasar



Ceramah ti KH Jujun Junaedi di daerah Bogor dina raraga Muludan, inti ceramah anu ditepikeun nyaeta : Umat Islam lamun ngaku Umat Rasulullah kudu ngalaksanakeun ajaran anu diajarkeun ku Rasul. Kusabab di jaman kiwari loba Umat Islam nu ngaku Umat Rasul tapi teu ngajalankeun ajaranna, salah sahiji conto nyata nyaeta masjid anu makin alus tapi eusina nu makin kosong. Padahal baheula mah teu aya listrik teras tajuk nu diwangun tina kai jeung awi bisa rame tapi ayeuna mah masjid makin aralus tapi eusina euweuhan.

Barudak baheula diajar ngaji make metode heubeul tapi loba cicing di Mesjid, jadi sholat Maghrib - Isya - Shubuh di Masjid. Ulinna barudak di Mesjid, sabaong-baongna maranehna dina waktuna sholat bakal sholat. Tapi lamun cicing di tempat pangulinan (tongkrongan), dina waktuna sholat sok loba nu mopohokeun jeung lalai. kitu oge mun pas waktu maghrib, lain minuhan masjid tapi kalah kah sibuk nonton tv. anakna nonton kartun, indungna nonton sinetron trus bapana nonton Maen Bola.

Masjid makin aralus tapi loba nu digembok, da sieun barang2 leungit jeung disarean.

Nyeredet pisan nasehat ti KH Jujun Junaedi ka anu ngaku Umat Nabi Muhammad ... mun hoyong jentre dangukeun we ceramahna