Saturday, October 26, 2013

Ceramah KH Jujun Junaedi : Umat Islam Dirusak ku 3F (Food, Fashion, Fun)



Ceramah Ti KH Jujun Junaedi  anu dipidangekun ayeuna ngabahas tentang hal-hal anu ngarusak Umat Islam hususna di Indonesia, ieu dina raraga nyambut 1 Muharram 1434H di Karawang.

Food (Dahareun) :
Jaman kiwari loba Umat Islam nu teu paduli dahareun naon anu asup kana beuteungna. Dina cara meuncit sato jeung dahareun ditambah kahalalan harta anu jadi sumber rejeki. Trus penghasilan urang loba nu teu di-zakatan, padahal aya hak anu kudu ku urang dikaluarkeun. Mun anu didahar ku urang teu halal, maka ibadah urang oge moal ditarima ku Allah SWT.

Fashion (Pakean) :
Umat Islam ayeuna utamana awewe loba nu nembongkeun aurat, geus teu era make baju atawa pakean lekmong (kelek katembong). Padahal lamum Muslimah nembongkeun salembar buukna oge kanu lain mahrom-na (di urang mah dikenalna muhrim), maka bakal dibales ku seuneu naraka (naudzubillah). Akibat pergaulan bebas dina jeung dina pakean anu henteu nurut kana Parentah Allah SWT jeung Rasulna, ngakibatkeun Loba Mojang anu geus leungit kaparawananna, survey ngabuktikeun 48% Gadis di Jawa Barat geus teu parawan (geus pernah zina).

Fun (Kaulinan jeung Kasenangan) :
Faktor anu ngarusak Umat Islam nu lain nyaeta terlena kana kasenangan dunya, waktuna sholat maghrib kalah kah nonton TV (Bapakna nonton bola, Indungna nonton Sinetron), Anakna pasti nyonto ka kolotna. dina waktu ngaji atawa sholat, barudak lain geura ka masjid atau madrasah tapi kalah kah ulin di rental Play Station (PS) atau maen Game Online.