Monday, September 23, 2013

Kurupuk Dorokdok (Basa Sunda)

 Gambar Kurupuk Dorokdok Produksi "Karuhun"

Dorokdok nya éta kurupuk anu bahan dasarna tina kulit sapi jeung munding. Rasana anu gurih jeung rangu. Pusat produksi kurupuk kulit perenahna di Tarogong Garut. Dorokdok téh aya dua rupa, nya éta kurupuk kulit tina munding jeung tina kulit sapi. Dorokdok nya éta opieun, bentukna leutik jiga batu koral atawa karang laut, aya ogé anu sagedé jempol indung suku. Ieu kadaharan téh salain opieun bisa ogé jadi deungeun sangu, tapi leuwih kasohorna piekeun kurupuk dina baso atawa soto.

Aah Hasannah, salah sahiji pengusaha kurupuk kulit Hikmah anu masih kénéh ngajieun dorokdok kulit munding. Sanajan ayeuna mah munding téh geus méh langka alatan populasina anu nyaeueutikan. Ayana kulit-kulit munding téh ti daérah Kalimantan, Palembang, jeung Lombok. Dorokdok anu alus kualitasna nya éta kulit munding anu jalu jeung ngora kénéh carana dikulub.

Aya sababaraha kurupuk kulit jeung dorokdok khas Garut kalayan ukuran anu béda-béda jiga sababaraha jenis merek anu kasohor nya éta Pada Sono, Pusaka, Pada Seneng, HWY, Hikmah, Iti Kurih. Dingaranan dorokdok ku sabab nalika di dahar éta kurupuk téh ngaluarkeun sora ngerekes dodorodokan ku lantaran rangu pisan.

 Conto Kurupuk Dorokdok Nu Kuring Apal

Cara nyieun Dorokdok

Prosés nyieun éta dorokdok téh kawilang lila nya éta 5 poé. Mimitina pilih kulit munding jalu anu masih ngora kénéh. Tuluy kulit munding téh dikereutan jadi 4-6 bagian pikeun ngagampangkeun dina tahap ngabersihkeunana. Sanggeus kulit munding dipotongan, tuluy dibeuleum sangkan leungit buluna. Tuluy dikeueuman salila dua poé tuluy dikumbah deui nepi ka bersih. Supaya kulitna hipu, kulit téh dikulub deui dina dreum anu gedé salila 10 jam ku suluh nepi ka éta kulit hipu.

Nalika dikulub éta téh geus dicampur ku bumbu-bumbu. Bumbuna saperti bawang bodas, katuncar, asam jawa, uyah, gula beureum. Kurupuk kulit Garut jeung dorokdok teu maké bahan pangawét jeung dijieuna kalawan higienis. Saterusna kulit munding anu warnana konéng hérang dituuskeun terus di potongan panjang-panjang. Tuluy dipoé nepi ka garing. Lamun cuacana keur alus 3 poé ogé geus garing, tapi lamun cuacana keur goréng bisa nepi ka 5 poé. Salah sahiji ciri kulit geus garing téh nya éta kulitna jadi teuas.

Rasa dorokdok téh aya dua rasa nyaéta : original jeung nu lada. Anu lada biasana ditambahan ku gula beureum jeung cabé.

Sedengkeun lamun dorokdok sapi, anu dipilihna nyaéta sapi jalu supaya dorokdok téh beukah. Kulit sapi anu dipaké nya éta bagian jerona anu warna bodas. Sapi anu kualitasna alus nya éta sapi ti daérah Kalimantan, Sumatera, Madura jeung Sulawesi. Kulit sapi anu geus disését tina kulitna, tuluy dikumbah nepi ka bersih. Tuluy dikeueuman anu make bumbu éta téh salila sapoé sapeuting.
Sanggeus kitu dipoé make bumbu deui, posisi kulitna ditarik nepi ka. Biasana lamun cuaca alus ngan 4 poé dipoéna téh. Lamun cuaca goréng ulah waka dipoé ku sabab lamun ngan digaringkeun wungkul bakal mangaruhan kana rasa dorokdok jadi pait.

Ngagoréng dorokdok téh dua kali ngagoréng. Ngagoréng ka hiji kulit ngan saukur dikeueum dina minyak kalapa anu seuneuna leutik. Sanggeus kulit jadi beukah seuneu téh mimiti digedéan sangkan éta dorokdok jadi téréh beukahna. Sanggeus kitu jait, dorokdok munding bakal ngaleutikan. Tuluy ngagoréng anu kaduana ilahar ngagoréng kurupuk biasa sangkan éta kurupuk téh anger beukah. Lamun dorokdok sapi sanggeus diasupkeun kana minyak kalapa anu teu pati panas téh dikeueum tuluy bakal robah jadi péot kacoklatan jeung saeutik beukah. Sanggeus kitu jait tuluy tuuskeun tuluy poé deui. Sanggeus dipoé digoréng deui nepi ka beukah jeung hasilna bakal leuwih bodas dibandingkeun dorokdok munding.

Sumber : su.wikipedia.org/wiki/Dorokdok
Gambar : Google